Senin, 31 Januari 2011

Carpon Sunda

">

Ngala jambu teu kaburu

Hiji poe, tangkal jambu di kebon geus buahan. Meni ngaruntuy jambuna teh,, karoneng. Mni ngacay pas ningali nu karoneng na eta tangkal. Metikan we hiji-hiji, diopi lima siki mah nu harerangna. Tadi na mah niat teh rek ngala nu herangna hungkul, nu molenang kitu. Pas ngontrol ka eta tangkal jambu teh sihoreng kabeh jambuna marolenang. Ah lima siki ge cukup we keur diopi mah, wareg beuteung. Sesana nu ngarantuy keneh na tangkal rek di ala engke, rada sorean. Rek mulang heula mawa keresek badag, da loba jambu nu marolenangna, keur opieun di imah.

Saenggeusna ngopi lima siki jambu, urang teh balik ka imah. Niatna mah rek mawa keresek badag, tapi da na tivi aya acara rame euy, jadi jongjon we nonton tivi. Ah engke deui we lah ngala na,, keudeung deui.hehe

Teu kungsi lila, si uwa ka imah urang, leumpang ngagidig, mamawa karanjang pasar. Eh, eusina teh jambu nu marolenang tina tangkal nu ti kebon. Karuh tadina ge rek ku urang di ala na oge. Ceuk bapa teh, ”jang, lain ku ujang atuh alaan jambuna. Lin tadi teh ka kebon?”

teu kaburu pa.. ” ceuk urang teh, bari ngagayem jambu molenang milihan dina karanjang

oh..kunaon? kaburu hujan?”

”lain,,”

”kaburu dialaan?”

”lain”

”kaburu sore?”

”lain,, kaburu hoream”, bari ngaharewos,,

Ceuleukeuteuk we si bapa teh seuseurian teu eureun eureun.. na ku naon kitu beut seuri,, teu ngalucu ge. puguh heu euh kaburu hoream,, da loba teuing jambuna,, hoream ngalana ge,, heuheuheu,,,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

silakan berkomentar,,